Dodol Garut Putri Geulis

Geus teu bireuk deui Garut mah identik jeung dodol, malah meh geus ka mancanagara produk Garut makalanganana. 

Dodol teh mangrupa kadaharan nu dijieun tina tipung ketan, gula kawung jeung cai pati kalapa tangtu wae rasana ni'mat kacida malah keur urang luar Garut nu pernah nyobaan hasil karya urang Garut dijamin bakal katagihan, teu rek kitu kumaha atuh da puguh rasana pelem, halal deuih. Sing saha wae nu pernah ka Garut tapi teu meuli atawa ngarasaan dodolna, ah eta mah sarua we jeung ka Mekah teu apal cai zamzam. malah keur urang Garut pituin oge asa teu pantes nganjang ka baraya nu aya di luar kota teu mawa oleh-oleh dodol Garut. 

Ayeuna mah dodol Garut teh geus modern pisan. Kemasan jeung rasa ge geus rupa-rupa, aya rasa cau, kacang, ganas, kadu, Strowbery jeung sajabana. 

Salah sahiji merek dodol Garut nu mampu ngahudang rasa jeung selera nyaeta Dodol kacang Putri Geulis buatan Ibu Enung di Kp. Serut Desa Pamekarsari Kacamatan Banyuresmi Garut. Tetela Garut teh loba pisan mibanda warga parigel ampir di unggal daerah pasti aya kamonesan sarta makanan ciri khasna. Coba we urang titenan salain Dodol, Garut ge loba deui kadaharan khasna saperti Ranginang, Opak, Kolontong, Wajit, Angleng, Sale Pisang, Ladu, Burayot,  jeung sajabana

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

0 komentar:

Posting Komentar