Sibungsu nu teu weleh ngingetan teh, malah mun sakalieun heureuy jeung lanceukna ge atawa digelendeng ku indungna alatan kamalinaan teuing ulin paribasa rek ka lembur rek ka Ma Nini jeung Bapa Aki cenah bari apaleun ge henteu da puguh waktos Ema pupus teh sibungsu karek bisa leumpang komo waktos akina pupus mah manehna teh encan lahir. Hate sok ngaleketey mun ngadenge budak kitu teh asa bener ampleng-amplengan teuing teu maluruh dulur di lembur malah ziarah ka makam ema sareng bapa ge jarang pisan. Memang ari ngadu’akeun nu jadi kolot mah geus mangrupa kawajiban nu jadi anak, rek iraha jeung dimana wae oge ngadu’akeun mah geus hiji hal nu teu meunang dilalaworakeun. Tapi duka ayeuna bet jorojoy hayang mawa barudak ka lembur, ziarah ka makam bari ngalongok nu jadi dulur sakalian oge hayang papanggih jeung batur sapangulinan baheula.
Budak nu bungsu kacida bungahna waktu kuring wakca aya maksud rek ka lembur, ngan nu cikal nu ketingal teu pati berag teh duka pedah keur meujeuhna loba tugas meureun ti sakolana. “Hayu wayahna urang sialturahim we sakalian ziarah ka makam nini jeung aki, urang meuleum lauk geura di De Mulfi. Mun euweuh batur mah ajak we teh Hani,” cek kuring ka sicikal. Enya we diomongan kitu mah daekeun manahoreng meureun euweuh batur.
Mobil geus ngaliwatan pamegatan malah meh geus asup ka wewengkon Lawang Angin karasa hawa tiis nyecep kana kulit, tapi kaca jandela ngahaja dibuka lain ditutup sabab keur ngarasakeun hawa seger asup ka sakujur awak. Ngajalankeun mobil teh ngahaja lalaunan lain pedah jalanna leutik jeung pungkal-pengkol tapi resep tuda ninggalan pamandangan nu baheula remen kaliwatan.
Mangsa katukang kasawang deui inget waktu abring-abringan jeung babaturan teu sirikna unggal waktu aleut-aleutan da puguh euweuh deui kaulinan, mani hayang geura panggih jeung sobat-sobat teh sono atuh da. Jigana moal jauh beda jeung kuring ayeuna mah geus rek ninggalkeun dunia hitam … heueuh buuk pabaur jeung nu bodas.
Asa cikeneh harita mun indit sakola sokbari balap lumpat lain pedah kabeurangan ngan kitu we kabiasaan bari biwir teu jempe nurutan sora mobil breem … breem … tetet, kituna teh bari suku mah nyeker … heueuh atuh boro-boro make sapatu sandal capit ge teu boga, ngan budak nu kabeneran kolotna mampu we nu ka sakola make sandal capit teh. Malah mun dibandingkeun mah masih mending barudak nu dina film Laskar pelangi geus marake sapatu ka sakola teh sok sanajan bari debleng oge, ngan meureun bedana teh tara dipegat ku buaya wungkul jiga si lintang. Nyeh kuring seuri sorangan mun inget kana kalakuan sobat-sobat baheula. Malah nu ngarana Juhria, enya kuring inget keneh sapopoe mun sakola manehna sok mawa buku nu meunang ngabeundeul dikaput make bola bol. Kertas salambar-salambar ti babaturan sok dikumpulkeun, ari patlot sok disambung ku sarengseng awi dan geus pondok pisan … tah palebah nulis patlot ku manehna sok dilamot heula teuing atuh naon maksudna. meureun hayang hipu we dituliskeunana mun ayeuna mah meureun patlot 2B atawa konte.
Asa cikeneh harita mun indit sakola sok
Balik sakola …. Mun tos salat lohor sok langsung ngarit keur domba, balikna tara langsung ka imah tapi sok ngadon ngojay di leuwi anyar, boro-boro disabun dianduk ge tara , paling mun hayang garing sok moyan heula dina batu. Keur kuring euweuh kamusna “tidur siang” tampolana ka imah ge ngan saukur dahar jeung nyokot sarung tuluy indit ka madrasah sakola agama. Lamun datang waktu peuting jadwal teh ngaji balikna ba’da Isya, datang ka imah gep kana buku sakola ngapalkeun bari ngadapang dina palupuh dicaangan ku lampu cempor. Tampolana mah ker wae kerek.
Wanci subuh babaturan geus pating gorowok nyampeur ka masjid, beres sholat Subuh tuluy ngaji. Kitu jeung kitu we sapopoe teh.
Wanci subuh babaturan geus pating gorowok nyampeur ka masjid, beres sholat Subuh tuluy ngaji. Kitu jeung kitu we sapopoe teh.
Teu karasa jog anjog ke lembur nu dituju, asa euweuh parobahan lembur teh ari lain listrik nu geus nyaangan unggal imah mah, beda jaman kuring baheula mun datang waktu peuting teh poek mongkleng. Aya oge nu ngempray caang di imah nu kaitung jelema aya. Ngahurungkeun lampu patromak eta ge ngan ukur tepi ka jam salapan saterusna mah diganti ku lampu tempel.
Ayeuna mah geus jarang pola hirup kampung kawas jaman kuring baheula, malah geus euweuh bedana we jeung kahirupan barudak di kota da puguh listrik geus pruy-pray dimana-mana. Hanjakal kamajuan teknologi teu dibarengan ku kakuatan iman, datang magrib masjid kosong da puguh barudak teh leuwih betah cumpagug hareupeun TV. Astagfirullohal adzim.
Lamunan buyar waktu kadenge sora nu jadi lanceuk ngabageakeun singhoreng geus tepi kanu dituju, sanggeus reureuh sakeudeung kuring indit ka makam ema sareng bapa nu teu jauh tempatna ti imah lanceuk.
Tadi mah lamunan teh kasawang hirup di lembur jeung babaturan, ari ayeuna di pusara ema sareng bapa bruh beh dosa kanu jadi kolot narembongan teu karasa aya cai ngeyemeng dina kolopak panon.
Kuring neneda kanu Maha kawasa Nu Maha Welas tur Maha Asih :
Tadi mah lamunan teh kasawang hirup di lembur jeung babaturan, ari ayeuna di pusara ema sareng bapa bruh beh dosa kanu jadi kolot narembongan teu karasa aya cai ngeyemeng dina kolopak panon.
Kuring neneda kanu Maha kawasa Nu Maha Welas tur Maha Asih :
“Ya Allah, Mugi ngahapunten kana sadaya dosa sinareng kalepatan pun biang sareng pun bapa, mugia ditampi amal ibadahna,
Ya Alloh, mugi maparin ka aranjeunna ganjaran nu sasae-saena tina sagala rupi perjuangan ngatik sinareng mikanyaah ka para putrana, mugi Anjeun mikawelas tur mikaasih sapertos aranjeuna mikawelas mikaasih ka abdi sadaya.
Ya Allah, naon wae kasesah waktos jumeneng nu karandapan ku pun biang sareng pun bapa nu janten cukang lantaran kalakuan abdi, sinareng icalna hak aranjeunan alatan tingkah laku abdi, jantenkeun eta sadaya kifarat dosa-dosa aranjeunna, tempatkeun aranjeunna dina tempat nu pinuh ku magfiroh sareng rahmat Anjeun. Mung Anjeun Ya Alloh nu kagungan hak ngabales kalepatan ku kasaean.
Ya Allah, riung mungpulungkeun deui abdi ku kawelas tur asih Anjeun di tempat nu ditangtayungan ku magfirah sareng rahmat Anjeun. Saestuna Anjeun nu kagungan Karunia Maha Agung, sarta anugerah nu teu aya watesna sareng Anjeun nu Maha Welas tur Maha Asih. Amin Ya Robbal’alamin